Ticker

6/recent/ticker-posts

Sejarah Syekh Arya Demang Sampayan Kota Tasikmalaya


Tidak banyak manuskrip dan catatan sejarah yang membahas tentang sosok Syeh Arya Demang Sampayan yang di Makamkan di Gunung Pereng, Kota Tasikmalaya. Namun ada satu catatan yang membahas tentang sejarah Syeh Arya Demang sampayan, yaitu catatan yang ditulis oleh KH. Basuni Bin ABD Salam pada 4 September 1981 di Nagarakasih.

Sejarah Syekh Arya Demang Sampayan tidak lepas dari sejarah daerah Gunung Pereng, Nagarakasih, yaitu tempat dimana beliau di makamkan.

Berikut kisahnya:

A. Sajarah Bibit Buit/Asal Usul KP Nagara Kasih Kersanagara (asal ditemukannya kuburan Syekh Arya Demang Sampayan)

Di Nagarakasih waktos teu acan aya jelema, masih leuweung luwang liwung di Kalijaga Cirebon aya opat jalma sadulur-dulur :

a. Mbah Raksan
b. Mbah Nariksan
c. Mbah Ariksan
d. Mbah Aksan

Mbah Raksan anu pangsepuhna, anjeuna damelna nyaeta dakwah agama Islam ngawitan ti Cirebon kawetan ka Jawa Tengah, teras ka Jawa Timur dugi ka pulo Bali. Saatos lami anjeuna ngaraos cape teras ngemut-ngemut palay istirahat bari mancarkeun syiar agama Islam di Jawa Barat, Nya kawitan mios ngidul dugi ka Lebakeun Gunung Galunggung beulah wetan nu disebut Kampung Cihejo, didinya calik lami kenging sabara sasih. Ceuk emutan anjeuna ieu tempat sanes kanggo tempat calik anjeuna, teras mios deui duaan bae sareng garwana dugi ka leubah dieu, nyaeta kampung Nagarakasih.

Leuweung tea masih tegal badak tegal maung, nya rereb didieu teras naratas pikeun tempat, beh leubak aya gunung aya imah anu geus barobo sarta loba, tapi geus teu aya araheunana sarta aya kuburan dua puluh kuburan, dalapan welas kuburan ngahiji anu dua kuburan misah, tuluy naek ka gunung aya deui kuburan sahiji, ceuk emutan Mbah Raksan ieu teh kuburan saha atawa kuburan jaman mana teupi ieu kuburan diatur cara kuburan Islam.

Foto : Makam Syekh Arya Demang Sampayan (dari dalam)

Ceuk emutanana tangtu engke oge bakal aya nu nerangkeun sanggeus lami Mbah Raksan dideu, jol saderek nu opat tea (anu tilu deui) ; nyaeta Mbah Nariksan, Mbah Ariksan, Mbah Aksan. Nyusul-nyusul datang deui nepi ka amprok sareng Mbah Raksan terus milu bae bubuaran didieu, sarta terus ngukur tanah kira-kira dua kilo meter pasagi terus nyiar ingon-ingon; domba, munding, kuda ti Talaga Cirebon, tapi lami-lami ngayakeun musyawarah antawis anu opatan, saur Mbah Raksan : "Ayeuna urang ulah ngagunduk didieu supaya hirup jeung mekar. Kudu paburencay, kaula didieu jeung Ariksan sabab kaula teu boga anak, Ariksan anu baranahan kudu aya di kuloneun walungan Ciwulan, ari aksan kudu aya sakiduleun Ciwulan, nya Mbah Ariksan di Cikembang, Aksan di Sukapura tetep Mbah Nariksan didieu jeung Mbah Raksan".

Mbah Nariksan anu katelah UYUT RANGGON pedah bumina ranggon handapeunana kandang (gedongan) kuda jeung kandang anu sejenna, Mbah Raksan kasenianana lumayan, di Cirebon oge geus seungit teu aya nu wani ngalawan ka anjeuna teh, didieu oge pakandangan munding di Tegal Gede rek aya nu maling munding, kadangu ku anjeuna mantrongan paseuk palang kandangan, disentak ku anjeuna ti dieu, diteang isuk-siukna bangsatna jengker.

Ngawitan kalobaan jalma ti Cihejo seueur anu nuturkeun, babakuna ti Daerah Ciamis loba anu ngadon dederep ngabuniaga kadieu, tapi harita ieu teu acan dingaranan, da puguh can aya rupa lembur, kakara katelah Padukuhan tegesna pakampungan.

Mbah Raksan kasenianana/kalahiranana diparenta ku putera-putuna, supaya dilungsurkeun tapi teu masihkeun, saurna moal diturunkeun ka incu bisi ngampihan dipake jahat atawa takabur, anak incu mah dimana manggih kagentingan kadahsyatan jeung sajabana.

Hadiah bae ka Mbah Raksan mudah-mudahan nu maha kawasa ngabulkeun masihan pitulung ka urang sadayana. Aamiin.

B. Riwayat Gunung Pereng (Riwayat Silsilah Syekh Arya Demang Sampayan)

Sangges kitu, rame jol ti Jawa anu ngirimkeun riwayat Mbah (Syeh Arya Demang Sampayan) di Gunung Pereng, nyaeta riwayatna kieu :

Ieu jenengan Mbah Arya demang Sampayan, ieu teh salah sahiji putera Wali anu salapan ti Demak, nyaeta Wali Abdul Fatah turunan Mataram.

Ku ramana dijurug ka Jawa Barat mencarkeun turunan jeung Agama bari nyusun nagara, kukituna terus anjeuna siap sayagi balad jeung sayagi alat-alat babakuna, jajaka/lalaki bae opat puluh hiji sareng anjeuna, nya sepuh anjeuna "MBAH ARYA DEMANG SAMPAYAN MUHAMMAD BAKRI" wakil anjeuna aya deui duaan jadi tilu puluh dalapan prajuritna, duaan wakil komandan (kepala) terus mios.

Aranjeuna tunggang kuda dugi ka daerah Cirebon, didinya rereb bari taliti sakitar nu di calikan ku aranjeuna, tapi lami-lami nurutkeun panalitian anjeuna eta tempat sanes pikeun ngancik anjeuna didinya. Terus berangkat deui ka palih wetan nuju ka Tasikmalaya nepi ka Cipedes, didinya rereb malah eta tempat di Cipedes dianggo tempat riungan tiap-tiap aya perlu kadinya. Nu matak eta di Cipedes teh di kota mah diantawisna Agama Islamna teh pangkuatna jeung pangramena, terus ka dieu ka Nagarakasih, terus bae didieu bebenah lantaran ieu tempat teh kapendak ku anjeuna cocok sareng cita-cita anjeuna. Ari anu matak nyandak rencang opat puluh jalma tambih sareng anjeuna eta dina sagala kadewasaan, aya dina tampungan opat puluh jalmi tea.

Teu kacarioskeun lamina didieu bubuara, aranjeuna ngamaksad bade neang kulawargana, margi parantos ngaraos peryogi, oge tempat parantos aya da parantos ngadarameul bumi tea.

Kabujeung dongkap panyawat to'un teras-terasan dugi ka rengse eta to'un kantun dua puluh jalmi deui kitu oge kantun prajuritna, pimpinan anu tiluan parantos kasambut ti payun ku to'un.

Dimakamkeunana Mbah Arya Demang Sampayan di luhur gunung, wakilna anu duaan di handap direndengkeun, senjata (perkakas) sakumplitna katut kuda silem (hilang tanpa karana) didieu. Anu dua puluh jalma deui anu kantun, teras marulang deui ka mataram, anu ngantun riwayatna oge ti salah sawiosna jalma anu kantun tea (anu dua puluh jalma tea).

Saparantos kitu Mbah Raksan nembe ngamusyawarahkeun pikeun pengaraneun ieu kampung: saur mbah raksan : "Kulantaran Mbah Aria Demang Sampayan ngamaksud nyieun Nagara tapi kaburu datang pangasih tinu kawasa" teras Mbah Raksan mutuskeun: "Nagarakasih" serta didieu saurna awal akhir kudu jadi Nagara.


Disusun oleh KH. Basuni bin H. ABD Salam
Nagarakasih, 4 September 1981

Terima kasih,
Salam Teras,


Keyword :
sejarah syekh arya demang sampayan,
sejarah wali songo,
nama wali songo,
siapa wali songo,
sejarah wali songo pdf,
asal usul wali songo,
wali songo malaysia,
wali songo keturunan cina,
keturunan wali songo di malaysia,
tokoh pertempuran di kota bali adalah,
ulama besar tasikmalaya,
ulama tasikmalaya,
kyai sakti di tasikmalaya,
nama-nama pahlawan dari tasikmalaya,
tokoh agama islam yang berpengaruh di tasikmalaya,
pesantren fiqih di tasikmalaya,
pesantren di tasikmalaya yang murah,

Posting Komentar

0 Komentar