Tata Cara Sholat Tasbih
Sumber : Kitab, Bajuri Juz 1 Hal 135-136 (alawiyah) & Kitab Busyrol Karim Hal 117 (haromain)
Ku Pimpinan Pesantren Almukhtariyah Rancamacan, Kyai Bubung Nizar. Beliau adalah ketua MDS Rijalul Ansor Kota Tasikmalaya.
Berikut adalah pembahasannya.
Sholat tasbih sadayana 4 Rokaat, 300 kali maca tasbih / 75 kali dina steiap rokaatna. Pelaksanaan anu afdol lamun dina waktos siang 4 rokaat di sakali salamkeun, pami dilaksanakeuna dina waktos wengi di duakali salamkeun.
Bacaan tasbihna nyaeta :
سُبْØَانَ الله ÙˆَاْÙ„ØَÙ…ْدُ لله Ùˆَلاَ اِلهَ اِلاَّ الله Ùˆَالله اَÙƒْبَرْ
Imam Al-Gozali dina Kitab Ihya Anjeuna nambihan ku lafadz
لاَØَÙˆْÙ„َ ÙˆَلاَÙ‚ُÙˆَّØ©َ اِلاَّ باِللهِ الْعَÙ„ِÙŠِّ الْعَظِÙŠْÙ…ِ
Sholat tasbeh dianjurkeuna dina setiap dinten, pami te mampu, saminggon sakali, teu mampu maka sasih sakali, teu mampu maka satahun sakali, teu mampu maka saumur hilrup sakali. Lamun teu mampu keneh/teu ngalaksanakeun salama hirup eta kaasup jalma anu lalawora dina beragama.
MENURUT QAOUL MU’TAMAD :
- 15 x maca Tasbih saba’da Fatihah/saba’da fatihah&suroh (nalika nangtung)
- 10 x maca Tasbih dina waktos ruku’
- 10 x maca Tasbih dina waktos I’tidal
- 10 x maca Tasbih dina waktos sujud ka hiji
- 10 x maca Tasbih dina waktos diuk antara dua sujud
- 10 x maca Tasbih dina waktos sujud ka dua
- 10 x maca Tasbih dina waktos istirahat (bada sujud ka dua) / sateuacan Maca Tasyahud Akhir
MENURUT QAOUL DZO’IF :
- 15 x maca Tasbih Sebelum Fatihah- 10 x maca Tasbih dina saba’da fatihah/sebelum ruku’
- 10 x maca Tasbih dina waktos ruku’
- 10 x maca Tasbih dina waktos I’tidal
- 10 x maca Tasbih dina waktos sujud ka hiji
- 10 x maca Tasbih dina waktos diuk antara dua sujud
- 10 x maca Tasbih dina waktos sujud ka dua
- Dina Rokaat ka 1 Ba’da Fatihah Maca Suroh Al-Jaljalah
- Dina Rokaat ka 2 Ba’da Fatihah Maca Suroh Al-Adiyat
- Dina Rokaat ka 3 Ba’da Fatihah Maca Suroh Al-Takatsur
- Dina Rokaat ka 4 Ba’da Fatihah Maca Suroh Al-Ikhlas
MAOS SUROH YASIN
- Yasin anu kahiji nyuhungkeun diseueurkeun Rezeki anu Halal
- Yasin anu kadua Nyuhungkeun dipanjangkeun yuswa pikeun ibadah
- Yasin anu katilu nyuhungkeun ditetepkeun iman islam dugi ka maot
Pimpinan Pesantren Almukhtariyah Rancamacan, Kyai Bubung Nizar
0 Komentar