Ticker

6/recent/ticker-posts

Contoh Teks Pidato Maulid Nabi Bahasa Sunda yang Lebih Komunikatif

     Bulan kelahiran kekasih Allah SWT. menjadi bulan yang penuh dengan kebahagiaan bagi segenap alam. Bagaimana tidak, di bulan tersebut, lahir seorang nabi pembawa risalah yang kasihnya mencakup seluruh alam. Nabi yang dengan perjuangan dan pengorbanannya melaksanakan perintah Allah SWT. Karena kebahagiaan itulah, peringatan-peringatan kelahiran nabi dilaksanakan di seluruh dunia sebagai rasa syukur dan bahagia atas rasa cinta yang menggebu di dalam dada.

Berikut ini contoh pidato yang bisa digunakan untuk peringatan kelahiran nabi Muhammad SAW. Dengan menggunakan bahasa komunikatif diharapkan dapat menjadi daya tarik bagi para pendengar semua.

 

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

إن الحمد لله والصلاة والسلام على رسول الله سيدنا محمد عبد الله وعلى آله وصحبه ومن والاه. قال تعالى ﴿لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّٰهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّٰهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَذَكَرَ اللّٰهَ كَثِيْرًاۗ – ٢١﴾. وقال ﷺ﴿ إنما بعثت لأتمم صالح الأخلاق﴾ )رواه أحمد)

Alhamdulillah dina danget ayeuna, urang sami-sami tiasa riung mungpulung dina tempat sareng waktos anu barokah. Tangtos ieu mangrupikeun kanikmatan anu agung anu kedah sami-sami ku urang sadayana disyukuri. Kanikmatan anu kadang-kadang katingal nikmatna saatos teu aya. Atanapi kadang-kadang henteu seeur jalmi anu sadar bahwa ieu teh kanikmatan.

Mugi-mugi urang tiasa leres-leres nyukuran kana naon bae kanikmatan anu ku Allah dipaparinan ka urang sadaya. Supados kabarokahan eta, janten jalan kangge urang sadaya leres-leres janten hamba na Allah anu bersyukur. Tangtos ku ayana kabarokahan anu dipaparinan ka urang sadaya, rejeki na terus-ditambih ku Allah.

Sajabaning kitu, kanikmatan anu diraoskeun ku urang sadaya dina danget ayeuna, tiasa sami-sami ngaramekeun sareng ngemut-ngemut dinten kalahiran kanjeng nabi Muhammad SAW. sateuacan ngalajangkeun acara, hayu urang sami-sami ngalantunkeun shalawat ka kanjeng nabi, buktos urang bangga sareng bagja janten umat na kanjeng nabi Muhammad SAW.

Margi dauhan kanjeng Rasulullah SAW dina hadistna bahwa sahaning jalma anu kersa maos shlawat ka kami, maka gusti Allah SWT ngalipetkeun bacaan nana janten sapuluh kali lipat.

مَنْ صَلَّى عَليَّ صَلاةً واحِدَةً صَلَّى الله عَلَيْهِ بِهَا عَشْرا

Tangtos, ieu mangrupi kasempetan kangge urang supados tiasa nyeeurkeun amal ibadah anu sae sareng anu gampil dilampahanana. Kumargi kitu, hayu wang sareng-sareng maos shalawat supados minimal dina ieu waktos, urang sadaya kenging ganjaran ti Allah SWT:

يِا رَبِّ بِالمُصْطَفَى بَلِّغْ مَقَاصِدَنَا ۞ وَاغْفِرْ لَنَا مَا مَضَى يَا وَاسِعَ الكَرَمِ

هُوَ الْحَبِيْبُ الَّذِيْ تُرْجَى شَفَاعَتُهُ ۞ لِكُلّ هَوْلٍ مِنَ الْأِهْوَالِ مُقْتَحِمِ

 

Anu pihartoseunana,

“ya Allah, pamugi ku (pangkatna) Musthafa (nabi Muhammad SAW), dugikeun naon bae anu jaten pamaksadan kami. Naon wae anu janten dosa sareng kasalahan kami anu atos-atos, ku gusti dihampunten. Ya Allah anu jembar kaarisanana”

“nabi muhammad kakasish anu diharepkeun pisan sayafaatna dina saban-saban kajantenan anu dipikasieun. ”

Shalawat anu dibaca ku urang sadaya ieu, mangrupieun salah sawiosna bait anu aya dina kitab burdah. Kitab anu dikarang ku Imam Muhammad bin Sa’id Al-Bushiri  Qasidah burdah mangrupikeun kitab anu eusina ngelem-ngeleum kanjeng nabi. Dina bahasa sunda, Burdah minurutkeun bahasa hartosna jeket belang. Hartosna geuning jeket belang? Maksadna kumahanya?

Minurutkeun kisah, aya dina hiji waktos zaman kanjeng Nabi Muhammad SAW masih jumeneng, aya penyair anu “sakti mandraguna”, namina Ka’ab bin Zuhair. Disebat sakti mandraguna teh, margi dina naon bae syiir anu dikarang ku mantenana, tiasa nyihir jalmi anu ngadangukeunana. Zaman kiwari oge aya anu sapertos kitunya. Penyair-penyair teh hebat. Tiasa nyandak sareng ngeusian manah jalmi anu ngadangukeunanan. Atuh henteu tersihir kumaha, sok wang dangukeun puisi Zawawi Imran ieu:

“Jika kau percaya ada pelangi setelah hujan, seharusnya kau pun percaya ada bahagia setelah perjuangan”  

Lamun sakali ditolak, ulah nyerah. Cobi deui. Pami ditolak deui, cobi deui. Cobi ngangge strategi anu sanes. Pami ditolak deui wae, panginten kedah intropeksi diri.

Atanapi puisi anu sok diangge kanu atos galau ngumbara nyuprin cinta anu dipikacinat, Joko Pinurbo nyarioskeun: “Jarak itu sebenarnya tak pernah ada. Pertemuan dan perpisahan dilahirkan oleh perasaan”. Atanapi syair karangan Zawawi Imran kangge anu nuju pajauh sareng anu dikasihina.

“Kalau mendung sudah di atas kepala, jangan larang hujan turun ke bumi. Kalau angin bertiup dengan kencangnya, jangan larang daun-daun kering berguguran. Kalau senyummu selalu mekar dalam hatiku, jangan larang aku tetap setia dan rindu padamu

Tuh, kadangu kumaha nyihirna kata-kata penyair kana manah urang sadaya.

Kembali ke laptop

Ka’ab bin Zuhaira ieu sateu acan lebet agama Islam sering ngadamel Syiiran kangge kanjeng Nabi Muhammad SAW. Tangtos, untaian syiir na tiasa kanu ngupingkeunana. Dina zaman eta, penyair termasuk salah sawios tokoh masyhur anu katelah profesina, salian ti tukang sihir anu sok disebat saakhir sareng dukun anu sok disebat kaahin. Naon bae anu dicaritakeunana ku Ka’ab kangge memprovikasi kanjeng Nabi tiasa nambih-nambihna kakeuheulan ka kanjeng Nabi. Tangtos para sahabat kanjeng nabi anu cinta kanjeng Nabi gundah gulana. Akhirna sepakat kangge ngalawan jalmi anu namina Ka’ab tea.

Waktos ka waktos teras kalangkung. Dina hiji dinten aya pameget misterius anu sumping ka kanjeng nabi Muhammad SAW ngange cadar hideung calik dipayuneun kanjeng nabi.

“He Muhammad, saur na aya penyair anu padamelana na ngaprovokasi masyarakat supados karehueleuh ka anjeun?”

“muhun leres” waleran kanjeng nabi

“sareng deuih, anjeun setuju sahabat-sahabat anjeun kangge ngalawan na?”

“muhun leres” diwaler ku kalembutan ku kanjeng Nabi

“kumaha pami, penyair eta sumping ka anjeun pikeun tobat tina sagala rupi anu tos dilakonan nana?”

“ku simkuring bade dihampunten naon bae kasalahanana” kanjeng nabi ngawaler

Repeh jamaah hadirin sadaya anu aya di eta tempat. Jalmi anu nuju nyarios sareng nabi  ngabuka kana cadar na. Ternyata pameget eta Ka’ab anu anu sok moyok kanjeng Nabi. Saparnosna para sahabat terang anu pameget eta Ka’ab, para sahabat ngaraoskeun emosi hoyong ngahukum jalmi anu salama ieu parantos ngahasud kanjeng nabi dipayeuneun masyarakat. Namung, ku kelembutan sareng welas asih na kanjeng nabi, sadaya anu dilampahan ku Ka’ab pikeun moyok kanjeng Nabi, dihapuskeun. Dihapuskeun ku rasa bagja ti nabi sareng sahabatna kana islamna Ka’ab.

Kitu pisan picontoeun kangge urang sadaya para saderek sadaya!

Urang sadaya kedah bagja kagungan Nabi anu janten uswah hasanah. Nabi anu diutus ku gusti Allah SWT kangge janten rahmat kangge alam raya ieu. Nah urang ngemut-ngemut sareng syukuran kana lahir na kanjeng Nabi teh supados tiasa ngemutan ka urang sadaya kumaha perjuangan sinareng pengorbanan kanjeng Nabi.

Sakumaha dauhan Allah SWT. anu ditulis dina QS. Al-Anbiya:107

وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ 

Teu pati-pati kami ngutus kami ka anjeun, iwal pikeun janten rahmat kangge sadaya alam.

وَاِنَّكَ لَعَلٰى خُلُقٍ عَظِيْمٍ

“Saenyana anjeun temen-temen natepan kana laku lampan anu agung (Al-Qalam:4)”

Ningal kana kalembutan sareng kasih sayang na nabi Muhammad SAW. Anu namina Ka’ab langsung muji ka mantena nana. Mantena nana ngadamel puisi anu nyarioskeun puji-pujian ka kanjeng nabi anu eusina 63 bait. Saparantos na dibacakeun dipayuneun kanjeng nabi, nabi miwarang mantena nana liren. Saparantosna kitu, kanjeng nabi masihan hadiyah burdah ka Ka’ab. Jubah anu dipasihkeun ka Ka’ab bin Zuhair eta dugi ka khalifah ar-rasyidi, nyaeta pamimpin umat Islam anu saparontas na kanjeng Nabi dijantenkeun jubah kebesaran. Ayeuna, jubah eta masih keneh aya di museum Tipkavi di Konstantinopen, Istambul, Negeri turki.

Kumaha cara na urang tiasa ngungkapkeun cinta urang ka kanjeng nabi?

Salah sawiosna urang tiasa macakeun shalawat atanapi Pujian-pujian ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. kumaha bae bentukna mah. Seeur pisan, henteu kaetang.

nah salah sawiosna nembe Qasidah Burdah anu nami asli na “Kawakibud dzuriyyah fi madhi khpoiril bariyyah” anu dikarang ku Imam Al-Bushiri. Kapungkur, Imam bushiri, mangrupikeun penyair anu masyhur. Sering kaluar kalebet istana kangge tampil ngabacakeun syairan dipayuneun menteri kerajaan.

Waktos berjalan terus, lami-lami Imam Bushiri ngaros jenuh kana naon anu janten rutinitasna. Dina puncak kasedihanana, mantena nana, mendakan cahaya dina manahna “kumaha abi tiasa ngarangkai kata-kata sareng kalimat anu endah kangge para gegeden nagar. Padahal kadang-kadang naon bae pujian na, sok aya manipulasi. Dilewih-lewihkeun. Tatapina, teu acan kantos kuring muji sang Musthofa, akhlak na manusia anu gusti oge ngalemna”

Akhirna, mantena na na ngemut teras kana eta pikiran, sahingga mantena nana henteu leuleus, teu damang,  henteu tiasa nanaon. Dina sajarah dicatat, teu damang na teh, teu damang stroke. Dina teu damang na eta, teras-teras mantena nana muji ka nabi akhir zaman, Nabi Muhammad SAW.

Dugika hiji wengi, nabi sumping dina impenan nana. Padahal saur dina hadis, pami urang ngimpen kanjeng nabi, maka anu sumping dina ngimpen urang leres kanjeng Nabi, sanes syetan. Alasanana, syetan moal mungkin tiasa nyarupaan kanjeng nabi.

(من رآني في المنام فقد رآني حقاً فإن الشيطان لا يتمثل بي) رواه البخاري ومسلم والترمذي وأحمد وغيرهم

Anu pihartoseunana “sing saha jalma anu ningali kuring dina impenanana, maka nyata manehanana ningali kuring. Karana saenyana syetan moal bisa nyarupaan ka kuring

Dina impenan eta, Imam bushiri ngajengkeun karya syair na kangge muji ka kanjeng rasul. Ternyata rosul gumujeng, nandakeun bahwa mantenana setuju sareng resep kana syair anu dikarang ku Imam bushiri. Saparantosna kitu, panyawat anu aya di Imam bushiri dicabut ku gusti Allah SWT.

Nah urang oge, mugi-mugi naon bae anu janten panyawat urang sadaya, berkah urang hadir di majelis ieu, berkah urang ngahirup-hirup bulan mulud ieu, Allah SWT ngangkat sagala panyawat urang. Panyawat dzohir, panyawat batin. Panyawat anu katingali atanapi panyawat anu henteu katingali.

Margi para hadirin sadaya, panyawat teh aya dua rupi. Nu katingali ku bungkeulek soca, katingal ku sinar x, cekas dina gambar 3 dimensi, eta anu disebat sebagai panyawat dzohir. Aya hiji deui panyawat anu henteu katingali ku dzohir. Kadang-kadang anu gaduh panyawat ieu ngaraoskeun, kadang henteu. Bahkan malah kadang sanes dianggap sebagai panyawat.

Naon panyawatna para hadirin sadayana?

Panyawatna nyaeta panyawat manah. Panyawat anu seeur rupina. Urang hoyong dipuji, urang ngaraos langkung tibatiur, batur henteu aya kalewihanana sama sakali, ujub, iri dengki, sareng sajabaning na. Tah ieu anu disebat panyawat batin. Kedah disucikeun. Kedah dibersihkeun. Kedah didamangkeun tina ieu sagala rupi panyawat sadaya.

Bilih katingali dzahir na mah sehat, namung ketika batinnya sakit, maka sehatnya dzahirpun lambat laun akan semakin sakit. Contoannya, ningali tatangga gaduh mobil sae. Hate teh dag dig seer. Seeur we pi obroleunana. Timananya artosna. Sigana dicicil. Sigana ngahutang heula. Maenya panghasilan sakitu bisa meser mobil. Jeung sajabina.

Tah kalakuan sapertos kitu, awal na mah dina hate hungku. Namung pami lami kalamian, bakal janten pikiran. Diri alim pependak jeung tatangga. Mata delelng ka kenca. Da alim ningali tea.

Tah pami atos kieu, berarti hate urang tos kabujuk kana gemerlapna dunia. Gus dur, KH. Abdurrahman Wahid, Mantan presiden ka 4 kantos nyiiran:

Gampang kabujuk nafsu angkoro # Ing pepaese gebyare donyo

Iri lan meri sugihe tonggo # Mulo atine peteng lan nisto

Anu pihartoseunana:

gampang kabujuk nafsu anu angkara * kana papaes gemerlapna dunya

Iri jeung jeung dengki bengharna tatangga * maka hatena poek jeung nista

Pami urang diposisi korban sapros kitu, kahade peupeujeuh henteu kedah dibales. Henteu kenging janten dendam kesumat. Tandain loh ya... henteu kedah. Teras kedah kumaha atuh. Ngiring kana tuntunan Rasulullah SAW:

أفضَلُ الفضائِلِ أنْ تَصِلَ مَن قَطَعَك، وتُعطِيَ مَن حَرَمَك، وتَصفَحَ عمَّن شَتَمَك

“ipangutami-utamina anu utami, nyaeta anjeun silaturahim ka jalmi anu mutuskeun tali silaturahimna ti anjeun, anjeung masihan ka jalmi anu koret ka anjeun, sareng ngahampura ka jalmi anu aniaya ka anjeun”

Pami urang ngalaksanakeun kana parentahna ieu, saur imam Bushiri dina syairna:

دَعَا إِليَ اللهِ فَالْمُسْتَمْسِكُونَ بِهِ ۞ مُسْتَمْسِكُونَ بِحَبْلٍ غَيْرِ مُنْفَصِمِ

“Kanjeng Nabi ngajak kana karidhaan Allah, Jalmi anu berpegang teguh ka mantenana, sajatina anjeunana berpegang teguh kan tali anu moal putus-putus.”

Cekap sakitu anu ku pribados didugikeun, mugi-mugi aya manfaatna kangge urang sadaya. Utami na, urang tiasa kaangken janten ummat na kanjeng Nabi anu leres-leres cinta atanapi mahabbah ka mantenana sahingga engke jaga tiasa dikempelkeun di sawargana Allah ta’ala.

Tasikmalaya kota santri

Santri na rajing ngaraji

Cekap pidato ti abdi,

Pami resep tiasa diulem deui

والله الموافق إلى أقوام الطريق

والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Posting Komentar

0 Komentar